Tolong bantu jawab; 5 contoh soal pilihan ganda tentang sisindiran bahasa sunda
B. Daerah
Riorizaldi9335
Pertanyaan
Tolong bantu jawab; 5 contoh soal pilihan ganda tentang sisindiran bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sisindiran mangrupa karya satra dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita, saperti oge sajak, mantra, guguritan jeung kawih. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.
Dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya anu disebut bagean cangkang jeung aya anu disebut bagean eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun bagean cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi. Di handapp ieu nyaeta 5 soal pilihan ganda ngeunaan sisindiran jeung jawabannana:
1. Sisindiran nyaeta karya sastra Sunda dina wangun...
a. Lancaran
b. Prosa
(c). Ugeran atawa puisi
d. Bebas
2. Di handap ieu nyaeta karya sastra anu teu kaasup sisindiran...
a. Paparikan
(b). Guguritan
c. Wawangsalan
d. Rarakitan
3. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya ... padalisan
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
(d). Opat
4. Dina sisindiran aya anu disebut bagean .....
(a). Cangkang jeung eusi
b. Pupuh
c. Tembang
d. Kawih
5. Dina sapada wawangsalan aya ...padalisan
a. Hiji
(b). Dua
c. Tilu
d. Opat