Jien kalimat tina kecap: a. Sakola, b. Getol. c. Mios, d. Seungit, e. Usum, f. Leutik, g. Budak, h. Koloti.
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina nyieun kalimah basa Sunda perlu diperhatikeun ragam basa anu rek digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma.
Kecap sakola, getol, seungit, usum bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat boh ragam basa loma. Kecap mios kudu dilarapkeun dina ragam basa hormat. Sedengkeun kecap leutik, budak jeung kolot kudu dilarakpeun dina ragam basa loma.
Pembahasan
Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu ngagunakeun kecap-kecap aniu disebutkeun di luhur :
a. Sakola, Kuring unggap poe indit ka sakola naek sapedah
b. Getol, Kusabab Amir mah getol diajar, unggal ulangan teh peunteunna sok alus wae
c. Mios, Sim kuring bade mios ka Bandung enjing
d. Seungit, Eta buah teh seungit pisan, sigana mah amis geura
e. Usum, Di lembur mah ayeuna teh keur usum kadu
f. Leutik, Eta jang Dedi sanajan awakna leutik oge ari kawanina mah gede
g. Budak, Kunaon eta budak teh ceurik bae, sugan kudu dibere dahar
h. Kolot, Ari ka kolot teh kudu mikahormat
Pelajari lebih lanjut
1. Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
2. Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
3. Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Warta
Bab : 2
Kode : 8.13.2
Kata Kunci : Kalimah basa Sunda, ragam basa hormat, ragam basa loma