B. Daerah

Pertanyaan

tooolong yak bahasa sunda kelas VI !
tooolong yak bahasa sunda kelas VI !

1 Jawaban

  • Conto Soal Jeung Jawaban Ngeunaan Pupuh Pucung

    Jawaban

    Pendahuluan

    Pupuh pucung nyaeta salahsahiji pupuh anu aya, anu lobana aya 17 rupa pupuh. Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa dipake dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan.

    Ka 17 rupa pupuh nu aya teh dikelompokkeun jadi dua kelompok anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh pucung kaasup kana pupuh nu aya dina Sekar Alit.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta jawaban pikeun pananya di luhur :

    1. Pupuh Pucung di luhur, ngabogaan guru lagu jeung guru wilanganana (a) 12-u, 6-a, 8-i, 12-a. Sabenerna mah teu aya pilihan jawaban anu bener, sabab guru lagu jeung guru wilangan pupuh pucung anu bener teh nyaeta 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a. Pilihan jawaban anu rada deukeut jeung jawaban anu bener nyaeta pilihan (a).

    2. Nurutkeun pupuh di luhur, cenah urang teh bet kudu loba batur (b) sangkan loba sobat keur silihtulungan jeung silihtitipkeun diri.

    Kesimpulan

    Pikeun soal no. 1 teu aya pilihan jawaban anu bener. Di handap ieu nyaeta conto Pupuh Pucung anu saluyu jeung guru lagu jeung guru wilanganana :  

    Lutung buntung luncat kana tunggul gintung (12-u)

    Monyet loréng leupas (6-a)

    Luncat kana pager déngdék (8-e)

    Bajing kuning jaralang belang buntutna (12-a)

    Pelajari lebih lanjut

    1. Naon anu dimaksud pupuh ? https://brainly.co.id/tugas/12829092

    2. Ciri-ciri pupuh https://brainly.co.id/tugas/9771704

    3. Naon bedana kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/3725821

    -----

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

    Bab : 3

    Kode : 8.13.3

    Kata Kunci : Pupuh pucung